Sasakala
Gunung Kendang
Kacaritakeun jaman baheula aya hiji jelema nu ngaran Ki
Sutaarga. Ngabogaan maksud hajat bari nanggap wayang. Ari lalakonna nu
dipikahayang ku manéhna supaya dipidangkeun, nyaéta lalakon nu paling dipantang
ku dalang. Éta lalakon meunang dipidangkeun, tapi teu meunang nepi katamatna.
Sabab lamun tamat biasana sok aya kajadian nu teu pikahayangéun.
Tapi Ki Sutaarga keukeuh peteukeuh hayang nyaho éta
lalakon nepi ka tamatna. Pokna kajeun mayaran sakumaha, moal burung
dibayar asal éta lalakon dipidangkeun nepi ka tamatna.
Pok Ki Dalang sasauran. "Heug waé dipidangkeun nepi ka
tamatna, asal ongkosna waé dibayar tiheula?"
Teu loba carita, gocrak baé dibayar sapaménta dalang téa, ku
Ki Sutaagra téh. Atuh kasurung ku ongkos nu gedé, ger waé ngawayang anu pohara
raména. Sindénna nu katelah Nyai Astrakembang, anu hérang méncrang, ceuk
barudak ayeuna mah siga enyoy-enyoyan, ngoléar tembang hégar pisan.
Atuh panongton daratang ti suklakna ti siklukna. Éstuning
ramé pisan aréak-aréakan, nguping sora sindén anu ngagalideng halimpu pisan.
Barang lalakon ampir tamat geus deukeut subuh,torojol dua jelema anu maké
pakéan saragam upas kabupatén. Éta upas téa nepikeun paréntah Bupati, nu
maksudna supaya éta dalang, sindén, para nayaga, katut gamelan sapuratina,
dibawa ngadeuheus ka kanjeng Bupati. Cenah ditunggu pisan.
Atuh dalang téh cuh-cih jeung cakah-cikih paparéntah ka
batur baturna kudu bébérés. Sarta manéhna bébéja ka Ki Sutaarga téa yén disaur
ku Bupati. Kacaturkeun bring arindit diiringkeun ku upas nu duaan ngajugjug ka
tempat panglinggihan Bupati. Jalanna lempeng molongpong, éstuning senang pisan
leuleumpangan henteu loba sumarimpang.
Caritana nu ngalabring téa géus nepi ka nu dijugjug. Breg
ngarimpak rareureuh dihareupeun gedong Kabupatén, harita téh géus rék
bray-brayan beurang.
Tapi
cenah anéh bin ajaib!
Éta dua upas teu araya, kabupatén ogé suwung, leungit tampa
lebih ilang tampa karana. Sakabéh nu hadir musna teu nyaho kamana leosna. Nu
aya sesana ngan gamelan-gamelan téa. Kasur nu digulungkeun urut diuk sindén,
kabéh robah ngajadi batu. Tug nepi ka kiwari, nelah gunungna disebut Gunung
Kendang.
Dina hiji mangsa nu geus kaliwat. Dina malem Salasa atawa
Jum'ah kaliwon sok aya raraméan siga nu keur hiburan. Sora sindén gagalindeng
angin-anginan. Sora panjak nu senggak. Sora gamelan nangnéngnong. Ditempas ku
sora kendang, dung plak dung plak, écés pisan. Dipungkas ku sora-sora goong,
éar nu surak nu senggak, kakuping ramé pisan.Loba oge jelema anu katipo.
Ti lembur nu beulah Kidul Gunung Kendang, saperti Cikareo,
Bantarpeundeuy, jeung nu séjénna. Nu dek lalajo ngabring, manéhna nyangka aya
kariaan di kampung Cibitung. Urang lembur Kaléreun Gunung Kendang, nyangkayénnu
nanggap wayang téh di Cikarosea atawa Bantar peundeuy.
Burusut nu lalajo ngabring nuju ka beulah Kidul. Dijalan
abringan nu ti Kalér jeung nu ti Kidul pasanggrok, terus silih tanya, dimana
aya nu kariaan téh. Masing-masing ting polongo, teu aya nu bisa ngajelaskeun.
Terus baralik kalayan haténa marurukusunu keuheul ngarasa katipu.
Kaanéhan Gunung Kendang nyaéta balatak batu-batu nu siga
kendang, goong, anggél, guguling, jeung gulungan kasur. Anu siga gulungan kasur
réana aya opat bélas, anu nangtung anu ngedéng. Anu siga guguling panjangna
hiji satengah méter. Gunung Kendang ayana di Désa Sukamukti Kacamatan Cisompét
Kabupatén Garut, dikomplék Kahutanan nu katelah Blok Jagasatru.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar