Kamis, 28 Mei 2015

Rangkuman Kuliah Umum Sastra Sunda



Rangkuman Kuliah Umum Sastra  Sunda
  1. Naskah Lontar
  2. Naskah Pegon
  3. Prasasti -> Aksara Sunda

Aksara Sunda
Nujul ka hiji sistim ortografi hasil karya masarakat Sunda nu ngawengku aksara jeung sistim kaaksaraan pikeun nuliskeun basa Sunda. Aksara Sunda ngarujuk ka aksara Sunda Kuna nu kungsi dipaké sahanteuna ti abad ka-14 nepi ka abad ka-18.
Description: http://upload.wikimedia.org/wikipedia/su/thumb/8/8c/PrasastiKawali.jpg/220px-PrasastiKawali.jpg
Prasasti Astana Gedé Kawali ti jaman Sunda-Kawali abad ka-15, tulisanana maké aksara Sunda Kuna
Sajarah
Salian ti aksara Sunda Kuna, kaadaban Sunda ogé kungsi wanoh jeung sababaraha sistim aksara lianna, di antarana:

Aksara Sunda


Description: https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEhB2tmiTyVA12fid_bwbBBsCLytMDaKYpQ7PxDNgt1EPm8RPS-cV0DxoZ1VJt7Q2LY15J81qSVhjtRnfIGJfck6L9mFVnNrdznDo7NmBpaDdCbHmTH_ae4Cox-IeDFGwpkwHgP_p9n8uFI/s400/kaganga+swara.jpg
Aksara Swara
Aksara Sunda seueurna aya 32 huruf, diwangun ku 7 aksara swara (a, é, i, o, u, e, eu); 23 aksara ngalagena (ka-ga-nga, ca-ja-nya, ta-da-na, pa-ba-ma, ya-ra-la, wa-sa-ha, fa-va-qa-xa-za,).

Description: https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEj2TqNqaCivOeOEdOwoZmU4suYkO4RJj6LZZUS4BPtCffbGMlcblgadKvehBqkClu67VxCFKj1pCZNNz5R_OyzT32gPCVdYRiMcxp5iyk25nSakBUsV6cG51sVgWyCeCMqae8gjYJBrs80/s400/kaganga.jpg

Aksara Ngalagena
Dina sistim tata tulis aksara Sunda Kuno, jumlah aksara ngalagena saleresna mah aya 18 huruf. Tambihan 5 lambang aksara kana sistim tata tulis aksara Sunda Baku, nyaéta: lambang aksara fa sareng va (tina aksara pa); lambang aksara qa sareng xa (tina aksara ka); teras lambang aksara za (tina aksara ja).
Description: https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEjioFhtQT_n247fbm6gg85TOBbGjdsY-x_i7JhvLgAa4EIZrTJtaT7jrYUJfg_ieeUP2Eth1LYw7jk4CqOeAtyIBG8Jz5-NuI6Fy-JP037eX0UoLzY49hCYG6JdLCbvsvl-C-jinUXuC5M/s400/kaganga+angka.jpg
Angka
Di pikawanoh ogé lambang-lambang bilangan mangrupa angka dasar anu ngabogaan ajén itungan ti mimiti enol dugi ka salapan.
Description: https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEjPX1cPVCDTu7gHOcoaeflDGdhCfDXiK5e3hEjKbm19CdfeGjJvVKEhXPHIi-9CpaRTxtVIcOJOMYw9aOCxe4OgyOsB3zPabPWCEPr6gA-Gm1QVci1HoXJOuxBM7sA28KIvR8T1Q81vMvg/s400/kaganga+rarangken.jpg

Rarangkén
Lambang rarangkén aksara Sunda diwangun ku 13 rarangkén, anu cara nulisna:
·         Anu ditulis “di luhureun” lambang aksara dasar. Jumlahna 5 rarangkén, nyaéta: panghulu /i/; pamepet /e/; paneuleung /eu/; panglayar /+r/; dan panyecek /+ng/.
·         Anu ditulis “di handapeun” lambang aksara dasar. Jumlahna 3 rarangkén, nyaéta: panyuku /u/; panyakra /+ra/; panyiku /+la/.
·          Anu ditulis “sajajar” jeung aksara dasar. Jumlahna 5 rarangkén, nyaéta: panéléng /é/; panolong /o/; pamingkal /+ya/; pangwisad /+h/; pamaeh.

Rabu, 01 April 2015

Folklor (Tugas Sastra Sunda)

Sasakala Gunung Kendang
Kacaritakeun jaman baheula aya hiji jelema nu ngaran Ki Sutaarga. Ngabogaan maksud hajat bari nanggap wayang. Ari lalakonna nu dipikahayang ku manéhna supaya dipidangkeun, nyaéta lalakon nu paling dipantang ku dalang. Éta lalakon meunang dipidangkeun, tapi teu meunang nepi katamatna. Sabab lamun tamat biasana sok aya kajadian nu teu pikahayangéun.
Tapi Ki Sutaarga keukeuh peteukeuh hayang nyaho éta lalakon  nepi ka tamatna. Pokna kajeun mayaran sakumaha, moal burung dibayar asal éta lalakon dipidangkeun nepi ka tamatna.
Pok Ki Dalang sasauran. "Heug waé dipidangkeun nepi ka tamatna, asal ongkosna waé dibayar tiheula?"
Teu loba carita, gocrak baé dibayar sapaménta dalang téa, ku Ki Sutaagra téh. Atuh kasurung ku ongkos nu gedé, ger waé ngawayang anu pohara raména. Sindénna nu katelah Nyai Astrakembang, anu hérang méncrang, ceuk barudak ayeuna mah siga enyoy-enyoyan, ngoléar tembang hégar pisan.
Atuh panongton daratang ti suklakna ti siklukna. Éstuning ramé pisan aréak-aréakan, nguping sora sindén anu ngagalideng halimpu pisan. Barang lalakon ampir tamat geus deukeut subuh,torojol dua jelema anu maké pakéan saragam upas kabupatén. Éta upas téa nepikeun paréntah Bupati, nu maksudna supaya éta dalang, sindén, para nayaga, katut gamelan sapuratina, dibawa ngadeuheus ka kanjeng Bupati. Cenah ditunggu pisan.
Atuh dalang téh cuh-cih jeung cakah-cikih paparéntah ka batur baturna kudu bébérés. Sarta manéhna bébéja ka Ki Sutaarga téa yén disaur ku Bupati. Kacaturkeun bring arindit diiringkeun ku upas nu duaan ngajugjug ka tempat panglinggihan Bupati. Jalanna lempeng molongpong, éstuning senang pisan leuleumpangan henteu loba sumarimpang.
Caritana nu ngalabring téa géus nepi ka nu dijugjug. Breg ngarimpak rareureuh dihareupeun gedong Kabupatén, harita téh géus rék bray-brayan beurang.

Tapi cenah anéh bin ajaib!
Éta dua upas teu araya, kabupatén ogé suwung, leungit tampa lebih ilang tampa karana. Sakabéh nu hadir musna teu nyaho kamana leosna. Nu aya sesana ngan gamelan-gamelan téa. Kasur nu digulungkeun urut diuk sindén, kabéh robah ngajadi batu. Tug nepi ka kiwari, nelah gunungna disebut Gunung Kendang.
Dina hiji mangsa nu geus kaliwat. Dina malem Salasa atawa Jum'ah kaliwon sok aya raraméan siga nu keur hiburan. Sora sindén gagalindeng angin-anginan. Sora panjak nu senggak. Sora gamelan nangnéngnong. Ditempas ku sora kendang, dung plak dung plak, écés pisan. Dipungkas ku sora-sora goong, éar nu surak nu senggak, kakuping ramé pisan.Loba oge  jelema anu katipo.
Ti lembur nu beulah Kidul Gunung Kendang, saperti Cikareo, Bantarpeundeuy, jeung nu séjénna. Nu dek lalajo ngabring, manéhna nyangka aya kariaan di kampung Cibitung. Urang lembur Kaléreun Gunung Kendang, nyangkayénnu nanggap wayang téh di Cikarosea atawa Bantar peundeuy.
Burusut nu lalajo ngabring nuju ka beulah Kidul. Dijalan abringan nu ti Kalér jeung nu ti Kidul pasanggrok, terus silih tanya, dimana aya nu kariaan téh. Masing-masing ting polongo, teu aya nu bisa ngajelaskeun. Terus baralik kalayan haténa marurukusunu keuheul ngarasa katipu.
Kaanéhan Gunung Kendang nyaéta balatak batu-batu nu siga kendang, goong, anggél, guguling, jeung gulungan kasur. Anu siga gulungan kasur réana aya opat bélas, anu nangtung anu ngedéng. Anu siga guguling panjangna hiji satengah méter. Gunung Kendang ayana di Désa Sukamukti Kacamatan Cisompét Kabupatén Garut, dikomplék Kahutanan nu katelah Blok Jagasatru.